Kamis, 22 April 2021

PUPUH DURMA

LEMAH CAI

Watek Pupuh: Ngagambarkeun nu gede harepan

Guru wilangan/ Guru lagu: 12 a, 7 i, 6 a, 7 a, 8 i, 5 a, 7i

Padalisan: 7


Laras Pelog


Nagri urang katelah Indonesia

Di riksa tur di jaring

Sumirat komarana

Berkahna Pancasila

Ageman eusining nagri

Yu sauyunan

Ngawangun lemah cai


Terima kasih

Sumber: Lirik Update

PUPUH MASKUMAMBANG

Berikut adalah Lirik Pupuh Maskumambang

Hey manusa mana kaniaya teuing
Teu aya rasrasan
Kawula make disumpit
Naha naon dosa kula

Naha abong-abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peuting
Dirangket taya rasrasan

Lirik Pupuh Maskumambang surupan
Bebas Wirahma

Itu kusir bangun ambek-ambek teing
Turun tina delman
Kuda dipecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan

Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran geus cape teuing
Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nu nenggel ka kusir
Geus tangtu karasa
Nyeri moal salah deui
Sato ge kitu sarua

Tandak panambih : Pupuh Maskumambang sedeng

Naha abong abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun berang peuting
Dirangket taya ras rasan

Abong kena abdi sato
Teu ngaraskeun kana cape
Sadidinten paeh poso
Mogok soteh awak lungse

Coba kusir mun di peupeuh
Pasti nyeri karasana
Sato oge tangtu leumpeuh
Pada-pada boga rasa

Terima Kasih.
Sumber: https://www.lirikindonesia.id/2018/02/kumpulan-lirik-pupuh-maskumambang-lagu.html


Selasa, 02 Februari 2021

MIKAWANOH KADAHARAN TRADISIONAL SUNDA

(Materi ini khusus untuk membantu siswa dalam melaksanakan pembelajaran jarak jauh (PJJ) Mata Pelajaran Bahasa Sunda)

Baca wacana dihandap sing taliti!

  1. Sorabi, bahanna tina tipung, diasakanana dibeuleum dina hawu.
  2. Tutug oncom, bahanna tina sangu (beas, diasakan diseupan, make oncom).
  3. Comro, dijieunna tina sampeu jeung oncom.


  4. Pancen

    Sebutkeun bahan jeung cara ngasakanana gambar kadaharan sunda di handap ieu!
    1. Arana_____________________
    2. Jelaskeun bahan-bahan keur nyieunna jeung kumaha cara nyieunna!

    3. Arana_____________________
    4. Jelaskeun bahan-bahan keur nyieunna jeung kumaha cara nyieunna!



      Silakan share artikel ini kepada teman-teman lainnya agar bermanfaat

      Sumber: Modul Tema 6 Kelas VI (Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung Barat)

SORABI JEUNG TUTUG ONCOM

(Materi ini khusus untuk membantu siswa dalam melaksanakan pembelajaran jarak jauh (PJJ) Mata Pelajaran Bahasa Sunda)

Baca dina jero hate!

Sakanyaho Mida, anu dagang surabi teh biasana pasusubuh. Anu dagangna oge awewe, jeung rata-rata geus kolot deuih. Ari dagangna nagog di sisi jalan. Anu mareulina ngariung, dariuk dina bangku panjang bari siduru hareupeun hawu. Kitu dina bayangan Mida ngeunaan tukang surabi teh.
Gambar: Sorabi Haneut

Anu matak basa Mida jeung Dami diajak ulin ka Bandung, kacida reuwasna asup ka tempat dagang surabi anu kawilang agreng. Anu dagangna oge barudak ngarora, awewe jeung lalaki marake baju parantes. Tempatna teu beda ti restoran, dariuk ngariung meja makan, ngaregreg motor jeung mobil anu parkir.

Ceuk Pa Upa eta bukti karancagean anu dagangna. Sakaligus jeli dina neangan luang usaha. Surabi teh kadaharan tradisional anu dipikeresep ku balarea. Dirobah cara ngadagangkeunana, carana jadi leuwih moderen, eta disebutna inovasi. Rancage, atawa kreatif jeung inovasi teh mangrupa hal anu kacida pentingna lamun urang hayang maju dina usaha.

Lain surabi bae kadahaharan tradisional anu geus makalangan di restoran-restoran moderen teh. Aya deui, diantarana tutug oncom. Kiripik sampeu oge diical online ngalangkungan internet.

Gambar: Tutug Oncom

Saenyana masih keneha loba kadaharan tradisional teh. Anu sok disebut kadaharan kampung tea. Ari geus dibawa ka dayeuh mah loba nu mikaresep. Ngadagangkeunna masih make cara-cara heubeul. Eta mangrupa luang usaha pikeun urang. Saratna nyaeta rancage jeung inovatif, daek mikiran jeung migawe hal-hal anyar anu positif.

Pek jawab ku hidep pananya dihandap sing bener!
  1. Iraha umumna anui sok dagang surabi teh? Jeung saha deuih anu dagangna?
  2. _________________________________________________________________________
  3. Dina bayangan Mida kumaha cenah prak-prakanana anu dagang surabi teh?
  4. _________________________________________________________________________
  5. Naon sababna Mida kaget ningali anu dagang surabi di Bandung?
  6. _________________________________________________________________________
  7. Naha surabi make disebut kadaharan tradisional?
  8. _________________________________________________________________________
  9. Salian ti surabi, naon bae kadaharan tyradisional anu geus dijual di restoran garede teh?
  10. _________________________________________________________________________
  11. Cik tata, naon bae kadaharan tradisional Sunda teh?
  12. _________________________________________________________________________
  13. Kumaha carana sangkan eta kadaharan tradisional teh bisa didagangkeun di restoran-restoran gede?
  14. _________________________________________________________________________
  15. Lamun didagangkeunna ngaliwatan internet, disebutna sacara naon ngadagangkeunna?
  16. _________________________________________________________________________


Silakan share artikel ini ke teman-teman kamu agar bisa bermanfaat.